Doel Sumbang - Jurig


Artis: Doel Sumbang

Judul: Jurig

Neupangkeun nami abdi jurig
padamelan ngaheureuyan
dugikeun ka nyilakakeun
teu dikampung teu dikota
pokona dimana - mana

Neupangkeun nami abdi Jurig
rerencangan jalmi ageung
sobat alit konglomerat
sareng pajabat nu bangsat
nu sok nipu rakyat


Abdi reuseup bergaul sareng aranjeunna
teu seueur carios nu penting seueur artos
halal haram tara janten pasualan
nu penting makmur wareg beuteung wareug bujur

Neupangkeun nami abdi jurig
upami salira kabita
palay ngajago di dunya
kedah siga aranjeuna
halalkeun sagala cara
akherat mah kumaha jaga

Posting Terkait



Tidak ada komentar:

Posting Komentar