Mang Koko - Tina Jandela Lyrics

Artis: Mang Koko
Judul: Tina Jandela Lyrics

Tina jandela
Urang silih gupayan
Nemu paneuteup
Deudeuh jeung geugeut
Teup eunteup

Langit keur lenglang
Bangun taya kamelang
Ngukir ciptaan
Tresna jeung asih
Marengan

Lir nu keur ngimpi
Lir nu keur ngimpi
Gambar lamunan naon geuning
Nu teu katepi

Lir nu disirep
Lir nu disirep
Geter katineung deudeuh geuning
Rep rerep

Tina jandela
Urang silih kiceupan
Imut kareueut
Raga katresna
Padeukeut

Langit keur lenglang
Jauh tina kamelang
Urang jadikeun
Galeuh pasini
Lawungkeun

Tina jandela
Urang silih gupayan
Nemu paneuteup
Deudeuh jeung geugeut
Teup eunteup

Langit keur lenglang
Bangun taya kamelang
Ngukir ciptaan
Tresna jeung asih
Marengan

Lir nu keur ngimpi
Lir nu keur ngimpi
Gambar lamunan naon geuning
Nu teu katepi

Lir nu disirep
Lir nu disirep
Geter katineung deudeuh geuning
Rep rerep

Tina jandela
Urang silih kiceupan
Imut kareueut
Raga katresna
Padeukeut

Langit keur lenglang
Jauh tina kamelang
Urang jadikeun
Galeuh pasini
Lawungkeun

Posting Terkait

Mang Koko


    Tidak ada komentar:

    Posting Komentar