Nining Meida - Es Lilin

Artis : Nining Meida S 
Judul :  Es Lilin

Es lilin mah ceuceu disurung surung lah
Di bawa mah di bawa ka Suka Sukajadi
Abdi isin ku bapa da bararingung
Tara tara geuningan di ti sasari

Es lilin mah ceuceu kalapa muda lah
Di bawa mah di bawa ka Maja Majalaya
Abdi isin ku bapa samarha duga
Sok sieun mah geuningan sanes baraya

Peutis kupat jeung jadakes
Sing horeng mah sing horeng mah
Sing horeng mah sing horeng mah
Keur meong

Alus rupa hade pake
Eta sing horeng mah
Eta sing horeng mah
Bebende deungeun

Ari petis kupat jeung jadakes
Sing horeng mah sing horeng mah
Sing horeng mah sing horeng mah
Cereme leuweung
Alus rupa hade pake
Eta sing horeng mah
Eta sing horeng mah
Sangsara badan reundeu

Posting Terkait



Tidak ada komentar:

Posting Komentar