Yayan Jatnika – Bulan Cangkuang

Artis : Yayan Jatnika
Judul : Bulan Cangkuang

Iraha....
urang rek kaeas waktu ka tukang
mapay-mapay ria kabagja
rarakitan di situ cangkuang


Caang bulan
katutup mega milu nyaksian
dua rasa nu meungkeut ka heman
moal bade pipisahan

Reff:
Tangkal camara marindingan
angin peuting ngaleprokkan
dunya asa anu urang duaan
naha ayena bet pipisahan

Caang bulan di situ cangkuang
kiwari teu weleh narembongan
carita endah urang duaan
omat di ukir tina lamunan

Caang bulan di situ cangkuang
dina rasa teu weleh ngalangkang
najan urang pipisahan
hate mah silih anjangan

Posting Terkait



Tidak ada komentar:

Posting Komentar