Yayan Jatnika - Mawar Bodas Lyrics

Artis : Yayan Jatnika 
Judul : Mawar Bodas Lyrics

Versi : Hiji

mapay jalan satapak
ngajugjug ka hiji lembur
henteu karasa capena
sabab aya nu diteang…

hujan angin dor dar gelap henteu aya keur ngiuhan
sanajan awak rancucut teu paduli kajeun teuing

nu penting mah asal nepi ka tempat anu di tuju
rek ngalongok mawar bodas nu moal lila kaala
sugan tea moal gagal kembang
geus aya nu boga
balik teh asa ngoleang lempang ge asa ngalayang

teu kasawang ti anggalna
teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
mikiran pipanyakiteun… mikiran pipanyakiteun

Versi Kadua

Mapay jalan satapak ngajugjug ka hiji lembur
Henteu bari kacape saba aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap taya pisan keur nyiuhan
Sanajan awak rancucut beut asa karunya teuing

Pajar cenah asal nepi ka tempat anu di tuju
rek ngalongok mawar bodas teupang nu jadi impian
Sugan tea moal gagal kembang teh aya nu boga
Balik ge jiga haleuang lempangna jiga ngalayang

Ref : Teu ditebak ti anggalna, teu dipikir titadina
Anjeun ulah nyeri hate lantaran ta can pasini
Neangan pipanyakiteun.....
Neangan pipanyakiteun.....

Posting Terkait



Tidak ada komentar:

Posting Komentar